Rabu, 24 Oktober 2012

artikel

Karajinan Tangan di Jaman Kiwari

Karajinan tangan dina enas-enasna nya éta hiji produk hasil kréatifitas manusa. Dina wangun étimologis, karajinan tangan téh asalna tina kecap karajinan jeung kecap tangan (leungeun). Kecap karajinan, numutkeun kamus basa Indonesia miboga harti barang anu dihasilkeun ngaliwatan kaparigelan leungeun. Kaparigelan sorangan nya éta karancagéan dina ngalaksanakeun hiji hal.
Dina widang élmu éstétika, karajinan tangan miboga sesebutanna sorangan. Karajinan tangan disebut kriya. Dina seni rupa nu mangrupa cabang seni nu karya senina dihasilkeun ngaliwatan média anu bisa dibeunangkeun ngaliwatan panca indra. Hartina bisa ditingali, dirasa ngaliwatan pangragap. Kesan saperti kieu téh diciptakeun ku ngolah unsur rupa nya éta garis, bidang, wangun, volume, warna, tekstur jeung pencahayaan.
Seni rupa sorangan dibédakeun kana dua kategori, nya éta seni rupa murni (pure art) jeung seni rupa terapan (applied art). Dina kalungguhan kaélmuan éstétika diluhur, widang karajinan tangan asup kana kategori seni rupa terapan.
Jaman kiwari, karajinan téh geus arang langka, komo di daérah kota mah loba budak nu geus teu apal kana mangpirang-pirang jenis karajinan kulantaran karajinan éta sorangan geus teu nyampak di sabudeureunana.
Dina kurikulum baheula mah karajinan tangan téh kaasup kana muatan lokal wajib. Di tiap sakola pasti diajarkeun karajinan, ilharna mah anu dianyam, tapi lain anyaman anu mangrupa pakakas sapopoé di wewengkon Sunda, tapi anyaman anu umum, anu dijieunna tina kertas warna. Kitu deui jeung nu lianna, salian ti anyaman nya éta nyieun kekembangan tina plastik, jeung nyulam.
Ku kituna, budak téh teu apal kana karajinan anu mangrupa pakakas dina kahirupan sapopoé urang sunda iwal ti budak anu hirupna di lembur anu masih kénéh ngagunakeun pakakas tradisional saperti boboko wadah paranti ngakeul sangu, aseupan paragi nyanguna, hihid paranti ngahihidan, jsb.
Tapi kiwari mah aya tarékah urang anu kahareupna bakal jadi guru sangkan budak apal deui kana karajinan urang sunda, nya éta ku cara ngajarkeun sacara langsung léngkah-léngkah dina nyieun karajinan, ngajak budak ka museum keur ningali pakakas urang Sunda anu geus disebut langka, jeung bisa ogé ngajak budak ka tempat khusus anu masih kénéh ngamumulé karajinan éta sorangan, contona di Imah Seniman, atawa tempat séjénna anu masih kénéh ngamumulé. Di tempat nu kitu urang lain ukur bisa nempo atawa nyaho kana wujudna, tapi ogé bisa milu diajar nyieun karajinan. Ku ayana hal kitu, karajinan bisa tetep dimumulé, jeung bisa dipikanyaho ku jalma mangsa kiwari. 

kolom-karinding

Karinding jeung I-Phone
Wewengkon sunda téh miboga mangpirang-pirang jenis alat musik contona angklung, kendang, karinding, calung, gamelan, jeung sajabana. Jaman baheula  mah éta kasenian téh dipaénkeun ku sorangan atawa lobaan, jeung rata-rata sok dipagelarkeun, iwal karinding. Karinding mah dipaénkeun ku sorangan, baheula mah éta alat musik téh gunana pikeun nepikeun atawa ngedalkeun katresna, anu gunana sarua jeung gitar di nagara deungeun mah, nu dipaké ku Romeo pikeun ngawujuk Juliet. Ari di urang mah maké karinding, nu dipaké ku Kalamanda keur ngawujuk kabogohna. Kacipta waasna mun nyawang ka jaman baheula, kaayaan parahyangan nu tingtrim ngawujuk kabogoh gé maké alat musik. Mun ayeuna mah pungsina téh sarua jeung kekecapan romantis nu matak kabungbulengan, ceuk basa gaulna mah gombal.
Jaman bihari mah sagala-galana tradisional, maénkeun karinding nya kudu kuat biwirna pikeun nahanna, maénkeun kendang nya kudu kuat leungeunna pikeun nepakna, kitu deui alat musik sejenna, dina maenkeunana kudu make tanaga.
Tapi kiwari, eta hal téh geus robah. Karinding, téh geus asup kana aplikasi nu aya dina I-Phone, geus kagolong kana aplikasi dina I-Phone store. Kiwari mah geus teu kudu maké tanaga anu gedé deui keur maénkeunna téh, tapi  ngan ukur ditoél.
Aya positif jeung négatifna éta kasenian geus mulai asup kana éta aplikasi téh. Positifna karinding bisa dipikanyaho ku manusa nu aya di sakuliah dunya, ari négatifna éta alat musik téh jadi milik balaréa, euweuh privasi na.
Watir pisan ningali kaayaan ayeuna, di Jepang mah salasahiji kasenian Sunda-Karinding téh nepi ka dipusti-pusti, diteundeun di cagar budaya bari tempatna gé maké kristal, tapi di urang euweuh pisan penghargaanana. Tong boro diajénan;dipusti-pusti, mikawanoh kana éta barang ge geus henteu. Kamarana ari urang Sunda? Naha kasenian urang rék diantepkeun nepi ka dipimilik ku urang deungeun?.
Ku ayana aplikasi dina I-Phone dipiharep urang Sunda bisa mikawanoh deui kana kasenian Sunda tur bisa ngajaga jeung ngamumuléna.