Karinding
jeung I-Phone
Wewengkon sunda téh
miboga mangpirang-pirang jenis alat musik contona angklung, kendang, karinding,
calung, gamelan, jeung sajabana. Jaman baheula
mah éta kasenian téh dipaénkeun ku sorangan atawa lobaan, jeung rata-rata
sok dipagelarkeun, iwal karinding. Karinding mah dipaénkeun ku sorangan,
baheula mah éta alat musik téh gunana pikeun nepikeun atawa ngedalkeun
katresna, anu gunana sarua jeung gitar di nagara deungeun mah, nu dipaké ku
Romeo pikeun ngawujuk Juliet. Ari di urang mah maké karinding, nu dipaké ku
Kalamanda keur ngawujuk kabogohna. Kacipta waasna mun nyawang ka jaman baheula,
kaayaan parahyangan nu tingtrim ngawujuk kabogoh gé maké alat musik. Mun ayeuna
mah pungsina téh sarua jeung kekecapan romantis
nu matak kabungbulengan, ceuk basa gaulna mah gombal.
Jaman bihari mah
sagala-galana tradisional, maénkeun karinding nya kudu kuat biwirna pikeun
nahanna, maénkeun kendang nya kudu kuat leungeunna pikeun nepakna, kitu deui
alat musik sejenna, dina maenkeunana kudu make tanaga.
Tapi kiwari, eta hal téh
geus robah. Karinding, téh geus asup kana aplikasi nu aya dina I-Phone, geus kagolong kana aplikasi dina I-Phone store. Kiwari mah geus teu kudu maké tanaga anu gedé deui
keur maénkeunna téh, tapi ngan ukur
ditoél.
Aya positif jeung
négatifna éta kasenian geus mulai asup kana éta aplikasi téh. Positifna karinding bisa dipikanyaho ku manusa nu aya
di sakuliah dunya, ari négatifna éta alat musik téh jadi milik balaréa, euweuh privasi na.
Watir pisan ningali
kaayaan ayeuna, di Jepang mah salasahiji kasenian Sunda-Karinding téh nepi ka
dipusti-pusti, diteundeun di cagar budaya bari tempatna gé maké kristal, tapi
di urang euweuh pisan penghargaanana. Tong boro diajénan;dipusti-pusti, mikawanoh
kana éta barang ge geus henteu. Kamarana ari urang Sunda? Naha kasenian urang
rék diantepkeun nepi ka dipimilik ku urang deungeun?.
Ku ayana aplikasi dina I-Phone dipiharep urang Sunda bisa
mikawanoh deui kana kasenian Sunda tur bisa ngajaga jeung ngamumuléna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar