Karajinan Tangan di Jaman Kiwari
Karajinan
tangan dina enas-enasna nya éta hiji produk hasil kréatifitas manusa. Dina wangun étimologis, karajinan tangan téh
asalna tina kecap karajinan jeung kecap tangan
(leungeun). Kecap karajinan, numutkeun kamus basa Indonesia miboga harti
barang anu dihasilkeun ngaliwatan kaparigelan leungeun. Kaparigelan sorangan
nya éta karancagéan dina ngalaksanakeun hiji hal.
Dina widang élmu éstétika,
karajinan tangan miboga sesebutanna sorangan. Karajinan tangan disebut kriya. Dina seni rupa nu mangrupa cabang
seni nu karya senina dihasilkeun ngaliwatan média anu bisa dibeunangkeun
ngaliwatan panca indra. Hartina bisa ditingali, dirasa ngaliwatan pangragap.
Kesan saperti kieu téh diciptakeun ku ngolah unsur rupa nya éta garis, bidang,
wangun, volume, warna, tekstur jeung pencahayaan.
Seni rupa sorangan dibédakeun
kana dua kategori, nya éta seni rupa murni (pure
art) jeung seni rupa terapan (applied
art). Dina kalungguhan kaélmuan éstétika diluhur, widang karajinan tangan
asup kana kategori seni rupa terapan.
Jaman kiwari, karajinan téh
geus arang langka, komo di daérah kota mah loba budak nu geus teu apal kana
mangpirang-pirang jenis karajinan kulantaran karajinan éta sorangan geus teu
nyampak di sabudeureunana.
Dina kurikulum baheula mah karajinan
tangan téh kaasup kana muatan lokal wajib. Di tiap sakola pasti diajarkeun
karajinan, ilharna mah anu dianyam, tapi lain anyaman anu mangrupa pakakas
sapopoé di wewengkon Sunda, tapi anyaman anu umum, anu dijieunna tina kertas
warna. Kitu deui jeung nu lianna, salian ti anyaman nya éta nyieun kekembangan
tina plastik, jeung nyulam.
Ku kituna, budak téh teu
apal kana karajinan anu mangrupa pakakas dina kahirupan sapopoé urang sunda
iwal ti budak anu hirupna di lembur anu masih kénéh ngagunakeun pakakas
tradisional saperti boboko wadah paranti ngakeul sangu, aseupan paragi
nyanguna, hihid paranti ngahihidan, jsb.
Tapi kiwari mah aya tarékah
urang anu kahareupna bakal jadi guru sangkan budak apal deui kana karajinan
urang sunda, nya éta ku cara ngajarkeun sacara langsung léngkah-léngkah dina
nyieun karajinan, ngajak budak ka museum keur ningali pakakas urang Sunda anu
geus disebut langka, jeung bisa ogé ngajak budak ka tempat khusus anu masih
kénéh ngamumulé karajinan éta sorangan, contona di Imah Seniman, atawa tempat
séjénna anu masih kénéh ngamumulé. Di tempat nu kitu urang lain ukur bisa nempo
atawa nyaho kana wujudna, tapi ogé bisa milu diajar nyieun karajinan.
Ku ayana hal kitu, karajinan
bisa tetep dimumulé, jeung bisa dipikanyaho ku jalma mangsa kiwari.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar